Pantun Lucu Bahasa Sunda


Kaso pondok kaso panjang | kaso ngaroyong ka mimbar
Sono mondok sono nganjang | sono ngaloyor ka kamar

Saha we nu bade nyangke | kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate | pamatri ati nu sajati

Colenak enak dicocol | Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol | Poho mun sirah mitoha

Cikaracak ninggang batu | laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu | laun-laun nya dilebok..

Aya roda na tanjakan <> katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan <> katinggang ku pohpor banpol

Batok kohok wadah huut
meuli eunteung jang bikeuneun
Budak montok gede hitut
nyeri beuteung, jeungjeuriheun

Daun hiris dibeungkeutan
dibawa ka juru masigit
Anu geulis ngadeukeutan
hayangeun dibere duit

Opat baris salah nyambung
mun tukang kakara ngabangun
Omat geulis ulah pundung
mun akang kapaksa nyandung
Aya listrik di masigit
caangna kamana - mana
Aya istri jangkung alit
hanyakal geuning waria

Pedah kuring kuralang kuriling
ucing ge'ring ngahariring
Tengah peuting jarempling
kuring nyaring hayang ngising

Hayu urang mupu tiwuohan
malah mobok pagu
Huntu linu murukusunu
bongan tara ngosok huntu

Mulung tanjung tengah gunung
meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun
ceunah nulung malah rahul

Ka Jampang mawa pakarang
ajang pe'rang makalangan
Ka akang naha sale'mpangakang
sayang ngan ka yayang

Rincik rincang rincik rincan
gaya roda na tanjakan
Sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang..

Cikaracak ninggan batu
Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu
Laun-laun ngagorowok

Budak leutik bisa ngapung
Eta kalong ngrana Botak
saeutik jiga celempung
asa hayang ngarampana

Gunung kelud
gunung batu
Nu teu boga udud
osok memelas bari ngarayu

0 Response to "Pantun Lucu Bahasa Sunda"

Posting Komentar